Monday, November 12, 2007

si batak yang trying to be sundanese

Sebenerna kumaha carana sih urang nyaho batur ambeug nteuna ka urang? Nahanya kadang teh si eta bisa senyum gumeulis tapi lima menit ngke teh cembetut.. mbung ngomong.. asa memancing permusuhan tea. Keur mens kitu nyak? Nteu ah.. da karek anggeus minggu kamari… (ah..kanyahoan wee jelemana awewe.. hahaha..butut!)

            Anying teh, lieur nyaho teu. Asa tuan putri pisan. Kudu didengekeun, kudu dikelonan, kudu dibaturan, kudu ditanya, nepi ka kudu disembah meureun… ari sia saha?

            Hahaha.. tapi meureun urang ge kitu nyak ka batur tapi asa teu kitu kitu teuing da.  (HAH! Wae..)

            Si eta teh hayangna naon atuh? Da cape ngadengekeun eta eta deui mah. Urang teh hayang pisan ngomongkeun nu sejen.. kuat ka babarosen kieu ngomongkeun nu eta eta deui teh.

            Ih meuni curhat kieu aink..

            Da BETE pisan atuh!
Sok geura nya.. si eta teh sok nganggep urang teu kudu nyaho nanaon. Mun urang nanya teh, anjiss… boro dijawab. Pan keuheul jadina.  Sigana si eta teh hayang jadi nu pangnyahona sadunya tea geuning.. HAHAHHA.. emang situ ensiklopedi berjalan HUH??

            Sibuk sms jeung teteleponan wee.. geus beak teteleponan basa tubuhna teh nu hayang ditanya. Anjis.. mbung yuuu.. ku urang cicingkeun wee.. capee dehh ngurusan hirup si eta!

            Bingung pan?

            Tah dicaritakeun ku neneng…

            Isuk-isuk pan si eta datang nyak.. urang keur ngulet-ngulet tea di kasur.. da keur mimpi ngeunah.. trus urang hudang we.. basa basi.. anjiss.. can ge 5 menit nyak.. geus ngobrol topik eta.. ti taun kamari.. euleuh euleuhhh atuh neng.. ari eneng hirup atawa heunteu?

            Ku urang didengekeun wee nyak.. bari jero hate teh.. huek! Geus kitu aya telepon.. anjiss kaluar si bahasa tubuh hayang ditanya teh.. ku urang ditanya.. ehhh.. kura-kura di jero perahu, pura-pura boro nyaut anjis..aink teh sebagai budak lulusan komunikasi (HALAH..penting siah li!) jadi mempertanyakan.. ari bahasa tubuh nu aink baca teh bener atawa salah? Kudu kuliah deui kitu aink nyak?

Ah lieur.. tah karek wee diomongkeun..si eta belagak lucu teaaa.. bahasa tubuh nu hayang disengseurikeun tea.. teu lucu anjis!

Dipikir pikir naha aink nu sensi nya? Teu keur mens da..

Halah.. tah ayeuna keur ngadengekeun lagu bahasa asing nu aink boro ngarti.. dinyanyikan oleh segerombolan lelaki kecewe-cewean tea.. rieut donk aink!
            kunaon nyak hirup aink pinuh ku kebencian?

Hayang naon atuh neneng teh??
            aaaaaaaaaahhhhh..




5 comments:

'M ' said...

naon sih Liiiii!!!
eh
mau daster nggak? Dibeliin OmJay. Di Beringharjo.

niken a said...

naha atuh?
urang ge teu ngarti.

Dita Anggraeni said...

Basa maneh ngabasakeun basa tubuh Li, teu kiat abdi mah...

Huehehhehehe...

Lioni Beatrix said...

SAYA JUGA TAUUUU NULIS APA INI!! HAHAHAHAHAHA

Dewina Irwin said...

hade..